Yosep Rusmana Profile
Just another WordPress.com weblog

Apr
30

Simkuring oge teu benten ti nu sanes, Mung simkuring mah langkung kasep siga artis jeremy thomas nu kabanjur oli hehehehehe. Pami siaran tara nyalira sok di rencangan ku seueuran. diantawisna aya Ma Kenoh,Neng anah oge Aya Abah Anom. Pokona pami nu ngadangukeun nuju stress ngadadak beuki stress.

Simkuring asli urang Ciamis mung teu kantos ngalanglang buana ka radio – radio, salmi di Radio Pitaloka FM karaos nikmatna (Da pugu teu kantos kamana-mana), Simkuring tiasa bebas berexpresi, nu penting tiasa ngabantun mitra Pitaloka dugi ka gelo.

Alhamdulilah simkuring kapungkur kantos ngulik elmu plesetan, nya akhirna gaya plesetan anu kaulik kusimkuring di terapkeun dina gaya siaran, Masih keneh panasaran ………. cobi wae dangukeun 88.3 Pitaloka FM, Di jamin dugi ka ngacay

Pami teu siaran simkuring kadang-kadang ngojeg ….. ngasuh barudak lumayan ngamanpaatkeun SK. tiditunamah simkuring teh PNS. mung teu kitu ari di dunia siaran mah, Yosep nu ieu, yosep nu di Pitaloka karesepna nyeepkeun pulsa batur, setiap penelepon, can sajam mah can waka di piwarang liren, wios sina ngaberekewek jiga beo nu kalaparan (Teu nyambung nya?)

Cobi wae panasaran mah panteng 88.3 Pitaloka FM